Aya tilu budak anu ulin babarengan waé. nu kahiji ngarana Usro, kadua Ucil, katiluna Asep.
Hiji poé maranéhna keur ngarumpul.” Arék ulin kamana euy?” ceuk si Usro. “Teu nyaho puguh!” ceuk si Asep. “ nya enggeuslah lamun pararusing mah urang kasawah wéh, ngala-ngala belut sugan” ceuk si Ucil. “teu sangka manéh pinter ogé!” ceuk si Usro.
“Nya hayu atuh!” ceuk si Asep. Terus maranéhna mangkat, nepi di sawah acan ogé nanaon barudak éta manggihan oray dina galengan, tuluy oray éta di téwak ku si Usro “ aca-aca bahadur” ceuk manéhna. “Ari manéh kumaha?” ceuk si Ucil. “kumaha nanonna?” ceuk si Usro. “ jiga anu gélo waé néwak oray!” ceuk si ucil. “Manéh karak nyaho atuh urang gélo?” ceuk si usro. “ geus piceun ulah di bawa-bawa! kaluman nyaho!” ceuk si ucil. “ kaluman téh anu sok adan di mesjid lain?” ceuk si usro. “ kalman setréss éta mah!” ceuk si ucil. “ oh jadi salah?” ceuk si usro. “ ennnnnya!” ceuk si Ucil. “ geus-geus, hayu atuh urang néangan belut téa!” ceuk si Asep. “nyantai wéh kos di pantai” ceuk si usro. Teu lila, maranéhna manggihan liang belut, tuluy éta liang téh di urek ku si Asep. Ari sugan téh enyya wéh belut, ari pas kaluarna..” néng ukuuun” ceuk Asep sabari lumpat, duanana ogé ngilu lumpat da reuwas si Asep lumpat, “ ari manéh kunaon Asep?” ceuk si Usro. “ ituh aya aya aya” ceuk si Asep. “aya naon?, ngan aya aya wéh!” ceuk si Ucil. “ cil, cil cabak tarangna cegé!” ceuk si usro. “ euuuh da urang téh gélo, aya oray!” ceuk si Asep. “Ma enyya teuing ah?” ceuk si Ucil. “Yéh teu percaya mah jug tempo!”ceuk si Asep.
Tuluy si ucil nempo ka liang anu tadi, da teu percayaeun.. Ari pas di tempo..” kuuutuu kuprééét” ceuk si Ucil sabari lumpat..” haaa haa ha ha, puass tah kadinya” ceuk si Asep. Oray éta tuluy di téwak ku si Usro, si Asep jeung si Ucil teu nyarahoeun.” Aya naon cil?” ceuk si Usro. “ aya oray!”ceuk si Ucil “ nu jiga kieu lain?” ceuk si Usro sabari némbongkeun hareupeuna. “ Astagfirullah, ya Allah abdi neda di hapunten upami abdi gaduh salah ya Allah,,,,,, gelo siaaah!” ceuk si Ucil langsung lumpat. Si Asep nyengserikeun meuni ngagakgak, tuluy si Usro malik ka si Asep, “Usro Anu bageur, kasép, shaléh, teu kénging ningali kadieu jang.,,bilih ku aing di tonjok,,, waaaah, emmaaaaaaaaa” ceuk si Asep. “ gurusuk-gurusuk” si Ucil jeung si Usro ngalieuk, ari taeun téh si Asep labuh ka pétakan sawah. “hahahahhha” si Usro jeung si Ucil nyengserikeun. “ ari manéh kunaon?” ceuk si Usro. “Keur sulap” ceuk si Ucil. Tuluy si Asep hudang..” waduuh nasib buruk menghampiriku” ceuk si Asep. “geus ah, hayu néangan belut” ceuk si Ucil. Tuluy maranéhna neangan liang belut deui, teu lila maranéhna manggihan liang deui,,” tah ayeunamah moal gagal lah” ceuk si Asep. Sabari nungguan belut na beunang si Usro ngajakan pabisa-bisa ngomong bahasa Indonesia. “Maneh bisa teu Asep?” ceuk si Usro. “yéééh ngécénya!” ceuk si Asep. “sanéss, ngahina” ceuk si Usro. “ yeuh ku urang buktikeun,, saya sedang berada di sawah bersama teman-teman, tuh kan bisa?” ceuk si Asep.” Nya béner euy, yeuh urang mah, saya punya teman yang pada gila yang bernama Asep dan Ucil, sok manéh Ucil!” ceuk si Usro. “gélo” ceuk si Ucil. “hehe” ceuk si Usro. “ punten, saya tidak bisa berbicara bahasa Indonesia” ceuk Ucil.” Ari éta?” ceuk si Asep. “étamah conto”.ceuk si Ucil. “ gélo siah”. Ceuk duanana. Terus belutna beunang..” horé akhirnya setelah sekian lama aku menunggumu kau datang juga” ceuk si Asep. “ alah dahar jeung belut waé gé ngomongna so Indonesia” ceuk si Usro. “baé wéh” ceuk si Asep. Tuluy maranéhna baralik sabari mawa belut anu tadi beunang, maranéhna bagja pisan bisa ulin bareng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar