Hiji poé di sakola SMA 1 PURWADADI tepatna di kelas sapuluh hiji, aya dua budak lalaki, nyaéta Hamdan jeung Egi, maranéhna keur nungguan babaturan anu acan daratang, sabari nungguan maranéhna ngerjakeun pr anu acan anggeus kabéh.. si Hamdan nanya” gi ari tempat amprok Indonesia jeung Walanda dimana?” “ gua Hiro” ceuk si Egi. “ ari maneh gélo?” ceuk si Hamdan. “ hhaha, nya teu nyaho..nanya ka urang, tanyakeun wéh ka Walandana!” “euuh saraf” ceuk si Hamdan. “Ari kitu dimana?” ceuk si Egi. “LA” ceuk si Hamdan. “ LA galaxy?” ceuk si Egi. “ lain, LEUWEUNG AWI!” ceuk si Hamdan. “ dasar sédéng” ceuk si Egi. Tuluy datang Dodi sabari make switer, “ kumaha A damang?” ceuk si Hamdan. “ Alhamdulillah gering” ceuk si Dodi. “aya pr euweuh?” ceuk si Dodi deui. “ aya A seueur, manawi téh AA ntos abdi badé ningali!” ceuk si HAmdan. “ ssssia” ceuk si Dodi. “ hadéna can ngerjakeun” ceuk si Egi. Beuki lila loba barudak awéwé daratang, “ pipih kunaon?” ceuk si Fitri anu kakarak datang. “lieur mih!” ceuk si Dodi. Maranéhna langsung ngarobrol bareng, da di kelas sapuluh hiji mah teu aya bédana lalaki awéwé gé. Tuluy datang anu di antos-antos ku sadayana nyaéta bang Namin.. “good morning semua” ceuk si Namin. “haha, budak saraf” ceuk si Egi. “min kumaha dede my got?” ceuk si Egi. “yéh jorok ngomong téh!” ceuk si Namin. Maranéhna ulin bareng di luar kelas,, datang deui Dadan.”Dan arék kamana?” ceuk si Dodi. “pagon” ceuk si Dadan.
Sanggeus daratang kabéh, barudak éta asup ka kelas,, tuluy aya Guru datang, nyaéta guru matematika..”ayeuna rémédial, anu lulus ngan lima orang, Vita, Nining, Marlina, Dian, jeung Nenden, anu laina di rémédial" ceuk éta guru. “ hadéna teu lulus”ceuk budak lalaki.tuluy anu lulus di laluar, “weuy, nomer hiji” ceuk si Dodi bari molototan.. tuluy si Hamdan Méré kertas”mau pintar makanya belajar” dina éta kertas. tuluy barudak téh seuseurian.
Sanggeus kitu budak kelas sapuluh hiji malah ngaheureuyan guruna, tapina guruna tara ngambek, da guruna gé sarua waé. Waktuna istirahat barudak té tara ulin kamamana ngan di kelas waé, ngaheureuyan awéwé, dina éta babarengan aya hiji lalaki anu ulina téh jeung awéwé waé, tara ngahiji jeung lalaki. Éta budak langsung waé di heuruyan ku budak lalaki” kanjeng doso” barudak nyebutna.
Terus waktu jam asup kelas, kabeneran pas jam bu Vivi, tuluy barudak ngaheureuyan bu Vivi ”prikitiw” barudak ngomongna, terus barudak téh garandéng waé, bu Vivi nyarék kakarak eureun, mun henteu gandéng deui. Dina éta gandéngna aya anu mawa-mawa pelajaran biologi,,”kormus” ceuk éta budak. Tuluy aya deui anu nambahan “ kormmus téh artina korong musa” ceuk éta budak anu lain. Barudak téh langsung wéh ngagarakgak. Sin Musa namah seuri konéng, bari nunjuk budak tadi. Aya nu ngomong “ tong moyokan waé atuh karunya” terus aya anu ngajawab” jangan menghilangkan tradisi” barudak téh seuseurian deui waé. Ari bu Vivi namah teu bisa nyarék da geus kabiasaan kawas kitu.
Soréna balik sakola aya anu pikét nyaéta bang Namin, ayeuna anu di heureuyan bang Namin, bangku anu diangkat, di turun turunkeun deui ku barudak anu lain, bang namin keuseuleun akhirna manéhan ngiluan nurun nurunkeun deui bangku, nungguan batur baralik. Akhirna batur gé carapéeun tuluy baralik, bang naming mah ngalanjutkeun piketna sareng anu sanés. Tos kitu sadayana gé aruih ka bumina masing-masing sabari seuseurian teu paruguh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar