Aya tilu budak anu ulin bareng, nu kahiji ngarana Dadan anu kadua Dodi anu katilu ngarana Ucok , maranéhna ulin bareng ti leuleutik, jiga adi lanceuk pisan.
Hiji poé maranéhna keur ngarumpul bareng, “, cok arék ulin kamana euy?” ceuk si Dodi. “urang ka warnet yuuu!” ceuk si Dadan. “teu boga duit euy!” ceuk si Ucok “éh heueuh nya!” témbal si Dadan. Terus maranéhna téh caricing sabari malikir arék ulin kamana. Tuluy si Dadan ngomong ”urang ka kebon urang yuu, kan ayeunamah usum rambutan!”. “ tah ceunah bener ogé, Hayu Dod!” ceuk si Ucok . “ nya hayu atuhh” ceuk si Dodi.
Tuluy maranéhna marangkat ka kebon, pas arék nepi di kebon, paamprok jeung awéwé kabogoh si Ucok anu ngarana Marni. “AA badé kamana?” ceuk si Marni. “bade kadieu yank” ceuk si Ucok . “ waduh, waduh, aya nu seneng yeuhh!” ceuk si Dadan. “ saha Daaan?” ceuk si Dodi sabari seuri. “ Marno!” ceuk si Dadan. “ ohh Marno?, lain Marni?” ceuk si Dodi. “ lain geus ganti!” ceuk si Dadan sabari nyengir . “ AA ngiring atuh!” ceuk si Marni. “kamana?” ceuk si Ucok . “ nya sareng AA, AA mah kitu da!” ceuk si Marni. “sikat Cok !” ceuk si Dadan. “ gandéng siah! Posisi teu ngeunah yeuhh, teu kénging atuh yank, kan ieu mah pamégét hungkul!” ceuk si Ucok . “ Aaah AA mah, nya entos atuh marni mah bade uih waé! Dah AA!” ceuk si Marni. “ ennya, hadé nya!” ceuk si Ucok.
Sanggeus kitu maranéhannana marangkat deui, sabari nyanyanyian anu dina pilem get merrid ” éééé tukang baso bawa awéwé, arék di ééé tukang baso” sabari seuseurian teu parararuguh. Terus maranéhna nepi di kebon si Dadan. “ Dan ieu kebon manéh? Geuningan gedé euy?” ceuk si Ucok . “ peuting bisa yeuhh!” ceuk si Dodi. “yééééh jorok ngomong téh!” ceuk si Dadan. “ Amun rambutanna loba di jual kamana Dan?”ceuk si Ucok. “pagon” ceuk si Dadan. Tuluy maranéhna ngala rambutan loba pisan jiga anu teu manggihan di imahna, rambutan éta di pésakan ku si Ucok, ari manéhna teu nyahoeun pésak na téh bolong, manéhna mah naék wéh terus..di handap si Dodi jeung si Dadan cecengiran sabari ngadahar rambutan. Pas si Ucok nyabak pésakna, “ ari rambutana kamana?” ceuk si Ucok. Pas nempo ka handap,” adeuuh meuni saaaaé téh”. Ceuk si Ucok. “ hahaa manéh teu ngarasa atuh Cok?” ceuk si Dadan. “ enyya” ceuk si Ucok
Sanggeus maranéhna seubeuh ngadahar bungbuahan di kebon si Dadan, tuluy maranéhna baralik deui ka imah, di tengah-tengah jalan, paamprok deui jeung si Marni, ari ayeuna mah henteu ka si Ucok deui, tuluy manéhna mah labas wéh terus padah tadi teu di ajakan, “ sabar Cok” ceuk si Dadan. “ sabar?” ceuk si Ucok. “ sagala bareuh” ceuk si Dodi. “bade?” ceuk si Ucok. “ennya” ceuk si Dadan.
Tuluy maranéhna ngalanjutkeun deui balik, maranéhna janjian arék kadieu deui isukan “sugan wéh amprok jeung pocong isukan mah lain jeung Marno deui, Marno deui!” ceuk si Dadan. Terus maranéhna ulin deui maén bola di kebon tiwu jeung budak anu lain, maranéhna jiga nu teu boga kacapé pisan, tuluy baralik wéh.