Hiji poe aya si Udin ngkat kasakola,, sateuacana si Udin nyuhunkeun artos kanggo bekel kasakola, tapi ema na ngan ukur masihan 500 perak. si Udin nyarios ka ema na " ema,,ema naha Udin ukur di bekelan 500?" emana nga waler " Udin, sabaraha wae anu di pasihan kedah di tampi, teu sadaya murangkalih gaduh artos, sanajan 500 perak". Nguping eta Udin malah ngambek "eta mah alim masihan weh!" ema na ngawaler deui "muhun lerea pisan!". Si Udin beuki ngambek wae.. " dasar koret !". Nguping kitu emana malah ngalayanan " koret juga BOLEH!". Si Udin langsung lumpat bari kesel.
Di sakola si Udin di heureuyan ku babaturana. " Udin petot, Udin petot, Udin petot!. Si Udin malah ngalayanan " Tawios !". Aya babaturana nu nyarios " heh ulah ngaheureuyan wae si Udin kitu - kitu ge ciptaan Allah sami sareng sadayana !" nguping eta si Udin seuri padah aya anu ngabela, tapi teu lami eta babaturan anu ngabela teh malah nambahan omongana " tapi anu gagal ". " hahahahahaha" sadayana seuseurian.
Teu lami bel lebet sakola kasada, Udin lebet ka kelas sareng anu sejena, sapertos biasana Udin mimpin do'a. Teras guru lebet kakelas " Assalamualaikum" " Wa'alaikum salam" sadayana ngawaler. Si bu guru ngawitan " Barudak ayeuna urang di ajar ngetang" " Muhun buuu!". "Di kawitan ku Asep hiji sareng hiji sami sareng?" Asep ngajawab " dua bu" " pinter, ayeuna Udin, hiji sareng hiji sami sareng ?" Udin ngawaler " sami sareng Asep bu!" " hahahaha" sadayana seuseurian. " Udin! naha hiji sareng hiji sami sareng Asep?" udin ngawaler, " Asep kan ngajawab dua, Udin ge maksadna kitu!" "oooooooo" sadayana sasarengan. "Ayeuna sakali deui udin, upami ameng teu kenging di sisi jalan kunaon Din?" Udin ngawaler " bisi teu katabrak mobil, jadi upami ameng kedah di tengah jalan supaya katabrak mobil!" " Udinnn" si ibu nyarekanan.
Sa entos di sakola Udin uih ka bumina, di bumi, Udin di antos ku emana. " Udin tadi di ajar naon?" si Udin ngawaler " Di ajar, jadi jalmi teh ulah koret, ke na kuburana sempit!" sabari lumpat ka kamar....